NYANDUNG TA ENTONG?
Ku : Abu Ghozie As Sundawie
Aya hiji riwayat anu katampi ti salah sawios muridna Sahabat Ibnu Abbas, namina Sa’id bin Jubair rahimahullah anjeuna nyarios :
قَالَ لِي ابْنُ عَبَّاسٍ: هَلْ تَزَوَّجْتَ؟ قُلْتُ: لاَ، قَالَ: «فَتَزَوَّجْ فَإِنَّ خَيْرَ هَذِهِ الأُمَّةِ أَكْثَرُهَا نِسَاءً»
Ibnu Abbas nyarita ka kuring, naha anjeun tos kawin, saur kuring teu acan, Anjeuna nyarios, geura kawin da seestuna jalma anu panghadéna diantara umat ieu teh anu pang lobana bojona” (HR Bukhori nomer 5069)
Sapalihna kaum ibu mireng hadits ieu teh sok langsung bendu, komo anu salakina sababaraha kali menta izin hayang nyandung mah, siga anu inggiseun hadits ieu téh kanyahoan ku salakina, da disangkana hadits ieu teh muji muji ka jalma anu panglobana pamajikanana, padahal maksud hadits ieu mah teu aya patalina jeung parentah nyandung , tapi kaitanana teh jeung kaumuman parentah kawin.
Dina riwayat anu sanés mah disebatkeun :
تَزَوَّجُوا فَإِنَّ خَيْرنَا كَانَ أَكْثَرنَا نِسَاء
Pék aranjeun geura karawin da seéstuna jalmi anu pang hadéna diantara urang anu pang lobana istrina (HR Tabrani)
Maksud éta hadits téh nagnjurkeun ka urang pikeun gagancangan geura karawin sabab jalmi anu pang mulyana gé anu ku urang kudu di gugu di tiru nyaéta kanjeng Nabi shalallahu alaihi wasallam geuning kawin bahkan nepi ka seueur istrina gé, hampir sdaya para Nabi sareng Rasul narikah bari ngagaduhan anak katurunan.
Imam Ibnu Hajar Al-‘Asqalani rahimahullah ngajelaskeun ngeunaan hadits ibnu Abbas diluhur :
وَالَّذِي يَظْهَرُ أَن مُرَاد بن عَبَّاسٍ بِالْخَيْرِ النَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَبِالْأُمَّةِ أَخِصَّاءُ أَصْحَابِهِ وَكَأَنَّهُ أَشَارَ إِلَى أَنَّ تَرْكَ التَّزْوِيجِ مَرْجُوحٌ
Dzahirna éta hadits anu dimaksud ku kecap ibnu Abbas panghadena nyaeta kanjeng Nabi shalallahu alaihi wasallam dibandingkeun umatna khususna para sahabat, ieu mangrupa isyarat saolah olah ninggalkeun kawin teh teu utama (Fathul Bari 9/114)
Imam Ibnu Bathal rahimahullah oge mawa ucapan ibnu Abbas diluhur bari ngajelaskaeun :
لم يرد ابن عباس أنه من كثر نساؤه من المسلمين أنه خيرهم، وإنما قاله على معنى الحض والندب إلى النكاح، وترك الرهبانية فى الإسلام، وأن النبى، عليه السلام، الذى يجب علينا الاقتداء به واتباع سنته كان أكثر أمته نساء
Anu dimaksud ku Ibnu Abbas téh lain jalma anu panglobana pamajikan diantara kaum muslimin eta anu pang hadena, namung maksud hadits mah ngan ukur nganjurkeun pikeun kawin teu meunang ngabujang dina islam mah, sabab saestuna Nabi anu ngawajib keun ka urang pikeun ngajadikeun panutan ka anjeuna jalmi anu pang seueurna istrina dibanding umatna (Syarah Ibnu Bathal 7/164). Sakitu anu kapihatur mugia aya mangpaatna.